NGAREGEPKEUN BASA SUNDA
Didamel kanggo
ngalaksanakeun tugas mata kuliah Pembelajaran Bahasa Sunda SD/MI
Dosen Pengampu : Adika N. A S.Pd
Disusun :
Ade Een
Sulastri
Ai Pipit
Pujiwidianti
Anisa Sri
Wahyuni
Ayang Indri
Agistiani
Dede Nia
Delista Priliansari
Desri Susanti
Dewi Inayati
Kelas: PGSD/MI 5A
INSTITUT
AGAMA ISLAM LATIFAH MUBAROKIYAH
PONDOK
PESANTREN SURYALAYA
TASIKMALAYA
2015
BAB
I
PEMBUKAAN
1.1 Latar Belakang Masalah
Pangajaran basa
ngawengku aspek maca, ngaregepkeun, nulis, jeung nyarita. Maca jeung
ngaregepkeun mangrupa aspek pemahaman (reseptif aktif), ari nulis jeung nyarita
mangrupa aspek penggunaan (produktif aktif). Eta komponen basa nu opat teh kudu
diajarkeun sing saimbang. Malah bakal leuwih hade lamun dina prakna ngajar teh
gumulung ngahiji. Upamana : ngaregepkeun - nyarita - maca - nulis Atawa
: nulis – nyarita – maca –ngaregepkeun.
Ngaregepkeun nyaeta ngabandungan enya – enya. Ngaregepkeun mangrupakeun hal anu
paling penting dina pembelajaran basa sunda sareung anu sejenna dikarenakeun
sateu acan urang tiasa maca atanapi nulis kedah tiasa ngaregepkeun heula sabab
ngaregepkeun mangrupa aspek anu ngajadikeun komunikasi sareung rerencangan
efektif sareung oge tiasa ngadugikeun informasi kanu sanes ku cara ngaregepkeun
informasi anu didugikeun. Ku kituna urang salaku calon guru SD/MI kedah tiasa
ngajarkeun materi basa sunda ku cara ngaregepkeun naon wae anu kudu diajarkeun
guru kanggo anak didikna. Maka urang salaku calon guru SD/MI kedah terang kana
naon wae aspek nu aya dina ngaregepkeun, wangenan ngaregepkeun, faktor – faktor
anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, mangpaat ngaegepkeun, sareung nu sejenna.
1.2 Rumusan Masalah
Rumusan Masalah Anu
digunakeun dina makalah ieu nyaeta :
1. Naon Wangenan Ngaregepkeun ?
2. Naon Mangpaat Ngaregepkeun ?
3. Kumaha Tahap - Tahap Ngaregepkeun ?
4. Faktor - faktor naon nu Mangaruhan
Kualitas Ngaregepkeun ?
5. Naon wae Panta - Panta Ngaregepkeun teh
?
6. Naon Padika Ngaronjatkeun Kualitas
Ngaregepkeun ?
7. Naon wae Warna - Warna Ngaregepkeun ?
8. Naon wae Aspek Ngaregepkeun ?
9. Kumaha Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola
Dasar ?
1.3 Tujuan Makalah
Tujuan didamelna
makalah ieu nyaeta :
1.
Supados
urang terang kana Wangenan Ngaregepkeun
2. Supados urang terang kana Mangpaat
Ngaregepkeun
3. Supados urang terang kumaha Tahapan
Ngaregepkeun
4. Supados urang terang kana faktor -
faktor naon nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun
5. Supados urang terang naon wae Panta -
Panta Ngaregepkeun teh
6. Supados urang terang naon Padika
Ngaronjatkeun Kualitas Ngaregepkeun
7. Supados urang terang naon wae Warna -
Warna Ngaregepkeun
8. Supados urang terang naon wae Aspek Ngaregepkeun
9.
Supados
urang terang kumaha Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola Dasar ?
1.4 Mangpaat Makalah
Mangpaat tina ngadamel
makalah ieu nyaeta :
1. Supados urang nambah wawasan sareung
pengetahuan atanapi ilmu tentang ngaregepkeun dina basa Sunda
2. Supados urang tiasa ngajarkeun tentang
ngaregepkeun basa Sunda di SD/MI
3. Tiasa berbagi sareung rerencangan
tentang ngaregepkeun basa Sunda
EUSI
2.1 Wangenan Ngaregepkeun
Harti ngaregepkeun beda
jeung ngadenge. Ari ngadenge mah sok dianggap ukur proses fisiologis, ti mimiti
datangna sora kana kekendangan. Proses ngadenge mah lumangsung otomatis, lain
karana usaha. Tapi, ari ngaregepkeun mah mangrupa kagiatan anu dihaja.
Ngaregepkeun ngandung harti ngabandungan enya - enya. Sarua hartina jeung
menyimak (Bahasa Indonesia) atawa listening (Bahasa Inggris). Ngaregepkeun oge
disebut kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima,
oge aya proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung
napsirkeun informasi anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen
ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti
misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding,
nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.
2.2 Mangpaat Ngaregepkeun
Pamaksudan jalma dina
ngaregepkeun rupa - rupa, upamana wae kalawan maksud diajar, pikeun hiburan,
pikeun kasopanan, meunang kauntungan, ngabangbalerkeun rasa bosen, ngabanding -
banding pamanggih, nambahan pangarti, panasaran ku perkara nu lian jeung saterusna.
Upama dipasing - pasing mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh bisa
digolongkeun jadi opat rupa, nyaeta : 1) meunangkeun informasi nu aya patalina
jeung pancen atawa pagawean; 2) leuwih efektif dina hubungan papada jalma; 3)
ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun
kaputusan anu sahade - hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu
kadenge.
2.3 Tahap - Tahap Ngaregepkeun
Tadi geus disebutkeun
yen ngaregepkeun teh mangrupa proses, sabab dina ngaregepkeun aya sawatara
tahap anu dilaksanakeun.
1. Misah - misahkeun
Dina
tahap ieu sakur anu dilisankeun ku nu keur cacarita teh dipulungan hiji - hiji
atawa sarupa - sarupa; kecap - kecap, gagasan, fakta, susunan, atawa naon wae
anu kawilang istimewa, dipisah - pisahkeun.
2. Identifikasi
Sakur
anu kawilang istimewa tea sabada diinget-inget deui, tuluy dihartian atawa
diidentifikasi.
3. Ngaranjing - ranjing
Sakur
anu katangkep ku pangrungu teh diranjing - ranjing jeung informasi sejen anu
geus nyampak. Ku lantaran kitu, tahapan pangaweruh (umum) anu geus kapimilik ku
urang teh pohara pentingna.
4. Ngabanding - banding
Dina
tahap ieu informasi anyar teh dibanding - banding jeung nu geus kapimilik. Ieu
proses lumangsung lamun informasi anyar teh luyu atawa ngadeudeul pamahaman ti
heula. Dina henteuna, tuluy dipilih, informasi mana anu leuwih keuna atawa
leuwih merenah.
5. Napsirkeun
Dina
tahap ieu, urang teh mimiti aktif ngaevaluasi sakur anu katarima jeung ti mana
asalna, nolak atawa narima, nimbang - nimbang.
6. Nyarungsum
Dina
tahap ieu, urang teh ngalengkepan atawa ngeusian wincikan poko - poko pedaran
ku data atawa gagasan anu sipatna nandeskeun, tina kakayaan pangaweruh urang
sorangan.
7. Introspeksi
Sajeroning
mihak - mihak jeung ngabanding - banding informasi anyar tea, bari nyoba - nyoba
dilarapkeun kana kaayaan dirina sorangan.
2.4 Faktor - Faktor Nu Mangaruhan Kualitas
Ngaregepkeun
Paling saeutik
aya lima rupa anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, nyaeta :
1.
Tangtungan
(sikap, attitude)
Leuwih
saregep ngabandungan jejer pedaran anu cocog jeung diri urang. Dina teu cocog,
teu panuju, sok ngolembar, komo upama eusi pedaran papalingpang mah.
2. Karep (motivation)
Sajeroning
ngaregepkeun teh dibarengan ku sistem nilai ajen - inajen urang sorangan. Dina
rea pulunganeunana, biasana sok beuki saregep. Sabalikna, upama hate geus teu
merean, pedah asa teu aya pulunganeunana, bakal ngalantarankeun leungitna
karep.
3. Pribadi (personality)
Diri
urang sorangan mangaruhan peta ngaregepkeun. Lamun urang kagolong jalma anu
resep silih pairan pamanggih, tenget, boga sifat resep nganalisis, tetelepek, jeung
saterusna, dina prakna ngaregepkeun teh bakal beda jeung jalma - jalma anu
pasipatanana sabalikna.
4. Kaayaan (life situation)
Nu
dimaksud kaayaan di dieu nyaeta kaayaan sabudeureun riungan. Bakal leuwih
beubeunangan di tempat anu tingtrim ti batan di tempat anu gandeng ku sora -sora
nu matak ngaganggu.
5. Pagawean (role in society)
Pagawean
oge mangaruhan kana kualitas ngaregepkeun. Contona, wartawan, mahasiswa, jeung saterusna,
pantes upama merlukeun tingkat kualitas ngaregepkeun anu leuwih luhur lantaran
pangjurung pagawean atawa tugasna.
2.5 Panta - Panta Ngaregepkeun
Faktor - faktor anu
mangaruhan ngaregepkeun teh loba pisan. Ku kituna, kualitasna oge tangtu rupa -
rupa. Di handap ieu baris diwincik panta -panta ngaregepkeun, nyaeta : 1) ngan
ukur ngadenge sora, kecap - kecap kalimah wungkul; 2) pegat - pegat, pikiran
mindeng kaselang ku nu lian; 3) nu diregepkeun teh dijojoan, sakur anu sakirana
bakal dirina; 4) ngaregepkeun bari pasif, teu pati atawa samasakali teu tembong
rasa kahudang; 5) kurang imeut, rea bagian penting anu teu katangkep, saregepna
teh ukur lebah bagian - bagian anu geus wanoh sarta cohag jeung dirina; 6) saregep,
bari ngabanding - banding jeung hal - hal anu aya patalina, tina pangalaman
sorangan; 7) saregep, bari merenahkeun babaran carita, mana anu poko, mana anu
sipatna pertelaan; 8) saregep, bari kritis, panasaran ku bukti - bukti.
2.6 Padika Ngaronjatkeun Kualitas
Ngaregepkeun
Aya sababaraha perkara
anu mangrupa padika ngaronjatkeun kualitas ngaregepkeun di antarana : 1) daek
mekarkeun karep jeung pangaresep ngaregepkeun; 2) tingkatkeun kabiasaan
ngabandungan kalawan saregep; 3)
tumplekkeun perhatian sagemblengna; 4) ulah waka ngaevaluasi; 5)
tengetan kumaha gagasan - gagasanana jeung naon eusina; 6) mangpaatkeun mikir
nu gancang; 7) gunakeun lolongkrang
waktu.
2.7 Warna - Warna Ngaregepkeun
Ngaregepkeun
dibagi dua, nyaeta :
a. Ngaregepkeun Ekstensif — (hiji proses
ngaregepkeun anu teu dirarancang)
b.
Ngaregepkeun
Intensif (Hiji proses ngaregepkeun anu geus dirarancang)
Ngaregepkeun ekstensif dibagi deui jadi :
1) Sosial (lumangsung di sabudeureunana)
2) Sekunder (lumangsung di kulawarga)
3) Estetik (aya patalina jeung rasa endah)
4) Pasif (bari acuh; diacuhkeun)
Ari
ngaregepkeun intensif dibagi deui jadi :
1) Kritis (pikeun nimbulkeun reaksi)
2) Eksploratif (pikeun ngagali nepi kamana
proses kajadian anu diregepkeun teh)
3) Interogatif (pikeun nanyakeun deui)
4) Selektif (pikeun milih)
5) Kreatif (pikeun nimbulkeun kahayang/
kreatif)
6) Konsentratif (pikeun nimbulkeun
kadariaan)
Lamun dibagankeun, warna - warna
ngaregepkeun teh saperti kieu.
Sosial (lumangsung di
sabudeureunana)
|
Ekstensif
|
Pasif (bari acuh; diacuhkeun)
|
Estetik (patalina jeung rasa endah)
|
Sekunder
(luamngsung di kulawarga)
|
Intensif
|
Selektif (pikeun milih)
|
Interogatif (pikeun nanyakeun
deui)
|
Eksploratif (ngagali nepi
kamana)
|
Kritis (pikeun nimbulkeun
reaksi)
|
Ngaregepkeun
|
Konsentratif
(nimbuken kadariaan)
|
Kreatif
(pikeun nimbulkeun kahayang)
|
2.8 Aspek
Ngaregepkeun
Aspek nuu
kudu dicangking tina Ngaregepkeun aya sababaraha hiji nyaeta :
a.
Jejer /topik nu dicaritakeun
b. Ngajawab pananya 5 W + 1 H nyaeta naon, saha, iraha, di mana, naha, kumaha.
c.
Nyaritakeun hal nu diregepkeun, kalawan maké
padoman 5W+1H
2.9 Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola Dasar
Upama dititenan,
pangajaran ngaregepkeun teh geus kudu dibikeun ti kelas hiji keneh. Dina
Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (2007) disebutkeun yen Standar Kompetensi
(SK) jeung Kompetensi Dasar (KD) pembelajaran ngaregepkeun di Sakola Dasar
saperti kieu :
Kelas
|
Standar Kompetensi
|
Kompetensi Dasar
|
1
|
1.1 Mampu memahamin dan
menanggapi bunyi bahasa (sora basa), perintah (parentah) sederhana,
perbuatan, dan dongeng yang dilisankan.
|
1.1.1 Membedakan bunyi bahasa
Sunda 1.1.2 Melakukan perintah sederhana 1.1.3 Menanggapi dengan perbuatan
1.1.4 Memahami isi dongeng
|
2
|
2.1 Mampu memahami dan menanggapi
wacana lisan dengan menyimak tata tertib, penjelasan, dongeng, dan kakawihan.
|
2.1.1 Menyimak tatacara atau tata
tertib belajar
2.1.2 Menyimak penjelasan tentang
cara hidup sehat
2.1.3 Menyimak dongeng
2.1.4 Menyimak kakawihan
|
3
|
3.1 Mampu memahami dan menanggapi
wacana lisan melalui menyimak bahasan, dongeng fabel, dan kakawihan.
|
3.1.1 Menyimak bahasan tentang
kesehatan dan makanan
3.1.2 Menyimak bahasan tentang
kebersihan dan pakaian
3.1.3 Menyimak dongeng fabel
(dongeng sato)
3.1.4 Menyimak kakawihan
|
4
|
4.1 Mampu memahami dan menanggapi
wacana lisan melalui menyimak pengumuman (bewara), dongeng, dan guguritan.
|
4.1.1 Menyimak pengumuman
4.1.2 Menyimak dongeng
4.1.3 Menyimak guguritan
|
5
|
5.1 Mampu memahami dan menanggapi
wacana lisan melalui menyimak penjelasan, pesan, dan dongeng.
|
5.1.1 Menyimak penjelasan dari
nara sumber
5.1.2 Menyimak pesan lewat tatap
muka atau telepon
5.1.3 Menyimak dongeng
|
6
|
6.1 Mampu memahami dan menanggapi
wacana lisan melalui menyimak nasihat, berita radio/televisi, dan dongeng.
|
6.1.1 Menyimak nasihat
6.1.2 Menyimak berita radio/TV
6.1.3 Menyimak dongeng
|
BAB
III
PANUTUP
3.1 Simpulan
Ngaregepkeun ngandung
harti ngabandungan enya - enya. Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif
aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta
dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun informasi anu katarima.
Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental
anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing,
ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.
Upama dipasing - pasing
mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh bisa digolongkeun jadi opat rupa,
nyaeta : 1) meunangkeun informasi nu aya patalina jeung pancen atawa pagawean;
2) leuwih efektif dina hubungan papada jalma; 3) ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu sahade
- hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu kadenge.
3.2 Saran
1. Mahasiswa supados sing lewih getol
diajarna, terutami kana basa Sunda anu mangrupakeun kebudayaan has Jawa Barat
2. Mahasiswa anu bade janten guru supados
ngamumulekeun kana elmu warisan ti karuhun urang sadayana terutama basa Sunda
supados dimasa depan basa Sunda tiasa ditangan generasi muda anu kreatif
sareung tiasa ngabanggakeun ka daerah asalna nyaeta Jawa Barat dikancah dunia
ku basa Sunda.
DAFTAR
PUSTAKA
Nurjanah, Nunuy. Mekarkeun
Pangajaran Kaparigelan Ngagunakeun Basa. Pangandaran : 2009