Selasa, 03 November 2015



NGAREGEPKEUN BASA SUNDA

Didamel kanggo ngalaksanakeun tugas mata kuliah Pembelajaran Bahasa Sunda SD/MI
Dosen Pengampu : Adika N. A S.Pd











Disusun :
Ade Een Sulastri
Ai Pipit Pujiwidianti
Anisa Sri Wahyuni
Ayang Indri Agistiani
Dede Nia
Delista Priliansari
Desri Susanti
Dewi Inayati

Kelas: PGSD/MI 5A

INSTITUT AGAMA ISLAM LATIFAH MUBAROKIYAH
PONDOK PESANTREN SURYALAYA
TASIKMALAYA
2015
BAB I

PEMBUKAAN

1.1  Latar Belakang Masalah
Pangajaran basa ngawengku aspek maca, ngaregepkeun, nulis, jeung nyarita. Maca jeung ngaregepkeun mangrupa aspek pemahaman (reseptif aktif), ari nulis jeung nyarita mangrupa aspek penggunaan (produktif aktif). Eta komponen basa nu opat teh kudu diajarkeun sing saimbang. Malah bakal leuwih hade lamun dina prakna ngajar teh gumulung ngahiji.  Upamana :  ngaregepkeun - nyarita - maca - nulis Atawa :   nulis – nyarita – maca –ngaregepkeun. Ngaregepkeun nyaeta ngabandungan enya – enya. Ngaregepkeun mangrupakeun hal anu paling penting dina pembelajaran basa sunda sareung anu sejenna dikarenakeun sateu acan urang tiasa maca atanapi nulis kedah tiasa ngaregepkeun heula sabab ngaregepkeun mangrupa aspek anu ngajadikeun komunikasi sareung rerencangan efektif sareung oge tiasa ngadugikeun informasi kanu sanes ku cara ngaregepkeun informasi anu didugikeun. Ku kituna urang salaku calon guru SD/MI kedah tiasa ngajarkeun materi basa sunda ku cara ngaregepkeun naon wae anu kudu diajarkeun guru kanggo anak didikna. Maka urang salaku calon guru SD/MI kedah terang kana naon wae aspek nu aya dina ngaregepkeun, wangenan ngaregepkeun, faktor – faktor anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, mangpaat ngaegepkeun, sareung nu sejenna.

1.2  Rumusan Masalah
Rumusan Masalah Anu digunakeun dina makalah ieu nyaeta :
1.      Naon Wangenan Ngaregepkeun ?
2.      Naon Mangpaat Ngaregepkeun ?
3.      Kumaha Tahap - Tahap Ngaregepkeun ?
4.      Faktor - faktor naon nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun ?
5.      Naon wae Panta - Panta Ngaregepkeun teh ?
6.      Naon Padika Ngaronjatkeun Kualitas Ngaregepkeun ?
7.      Naon wae Warna - Warna Ngaregepkeun ?
8.      Naon wae Aspek Ngaregepkeun ?
9.      Kumaha Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola Dasar ?

1.3  Tujuan Makalah
Tujuan didamelna makalah ieu nyaeta :
1.      Supados urang terang kana Wangenan Ngaregepkeun
2.      Supados urang terang kana Mangpaat Ngaregepkeun
3.      Supados urang terang kumaha Tahapan Ngaregepkeun
4.      Supados urang terang kana faktor - faktor naon nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun
5.      Supados urang terang naon wae Panta - Panta Ngaregepkeun teh
6.      Supados urang terang naon Padika Ngaronjatkeun Kualitas Ngaregepkeun
7.      Supados urang terang naon wae Warna - Warna Ngaregepkeun
8.      Supados urang terang naon wae Aspek Ngaregepkeun
9.      Supados urang terang kumaha Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola Dasar ?

1.4  Mangpaat Makalah
Mangpaat tina ngadamel makalah ieu nyaeta :
1.      Supados urang nambah wawasan sareung pengetahuan atanapi ilmu tentang ngaregepkeun dina basa Sunda
2.      Supados urang tiasa ngajarkeun tentang ngaregepkeun basa Sunda di SD/MI
3.      Tiasa berbagi sareung rerencangan tentang ngaregepkeun basa Sunda


BAB II

EUSI

2.1  Wangenan Ngaregepkeun 
Harti ngaregepkeun beda jeung ngadenge. Ari ngadenge mah sok dianggap ukur proses fisiologis, ti mimiti datangna sora kana kekendangan. Proses ngadenge mah lumangsung otomatis, lain karana usaha. Tapi, ari ngaregepkeun mah mangrupa kagiatan anu dihaja. Ngaregepkeun ngandung harti ngabandungan enya - enya. Sarua hartina jeung menyimak (Bahasa Indonesia) atawa listening (Bahasa Inggris). Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun informasi anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.   

2.2  Mangpaat Ngaregepkeun
Pamaksudan jalma dina ngaregepkeun rupa - rupa, upamana wae kalawan maksud diajar, pikeun hiburan, pikeun kasopanan, meunang kauntungan, ngabangbalerkeun rasa bosen, ngabanding - banding pamanggih, nambahan pangarti, panasaran ku perkara nu lian jeung saterusna. Upama dipasing - pasing mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh bisa digolongkeun jadi opat rupa, nyaeta : 1) meunangkeun informasi nu aya patalina jeung pancen atawa pagawean; 2) leuwih efektif dina hubungan papada jalma; 3) ngumpulkeun  data sangkan bisa nyieun kaputusan anu sahade - hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu kadenge. 

2.3  Tahap - Tahap Ngaregepkeun
Tadi geus disebutkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa proses, sabab dina ngaregepkeun aya sawatara tahap anu dilaksanakeun.
1.      Misah - misahkeun
Dina tahap ieu sakur anu dilisankeun ku nu keur cacarita teh dipulungan hiji - hiji atawa sarupa - sarupa; kecap - kecap, gagasan, fakta, susunan, atawa naon wae anu kawilang istimewa, dipisah - pisahkeun.
2.      Identifikasi
Sakur anu kawilang istimewa tea sabada diinget-inget deui, tuluy dihartian atawa diidentifikasi.
3.      Ngaranjing - ranjing
Sakur anu katangkep ku pangrungu teh diranjing - ranjing jeung informasi sejen anu geus nyampak. Ku lantaran kitu, tahapan pangaweruh (umum) anu geus kapimilik ku urang teh pohara pentingna.
4.      Ngabanding - banding
Dina tahap ieu informasi anyar teh dibanding - banding jeung nu geus kapimilik. Ieu proses lumangsung lamun informasi anyar teh luyu atawa ngadeudeul pamahaman ti heula. Dina henteuna, tuluy dipilih, informasi mana anu leuwih keuna atawa leuwih merenah.
5.      Napsirkeun
Dina tahap ieu, urang teh mimiti aktif ngaevaluasi sakur anu katarima jeung ti mana asalna, nolak atawa narima, nimbang - nimbang.
6.      Nyarungsum
Dina tahap ieu, urang teh ngalengkepan atawa ngeusian wincikan poko - poko pedaran ku data atawa gagasan anu sipatna nandeskeun, tina kakayaan pangaweruh urang sorangan.
7.      Introspeksi
Sajeroning mihak - mihak jeung ngabanding - banding informasi anyar tea, bari nyoba - nyoba dilarapkeun kana kaayaan dirina sorangan.

2.4  Faktor - Faktor Nu Mangaruhan Kualitas Ngaregepkeun
Paling saeutik aya lima rupa anu mangaruhan kualitas ngaregepkeun, nyaeta :
1.      Tangtungan (sikap, attitude)
Leuwih saregep ngabandungan jejer pedaran anu cocog jeung diri urang. Dina teu cocog, teu panuju, sok ngolembar, komo upama eusi pedaran papalingpang mah.
2.      Karep (motivation)
Sajeroning ngaregepkeun teh dibarengan ku sistem nilai ajen - inajen urang sorangan. Dina rea pulunganeunana, biasana sok beuki saregep. Sabalikna, upama hate geus teu merean, pedah asa teu aya pulunganeunana, bakal ngalantarankeun leungitna karep.
3.      Pribadi (personality)
Diri urang sorangan mangaruhan peta ngaregepkeun. Lamun urang kagolong jalma anu resep silih pairan pamanggih, tenget, boga sifat resep nganalisis, tetelepek, jeung saterusna, dina prakna ngaregepkeun teh bakal beda jeung jalma - jalma anu pasipatanana sabalikna.
4.      Kaayaan (life situation)
Nu dimaksud kaayaan di dieu nyaeta kaayaan sabudeureun riungan. Bakal leuwih beubeunangan di tempat anu tingtrim ti batan di tempat anu gandeng ku sora -sora nu matak ngaganggu.
5.      Pagawean (role in society)
Pagawean oge mangaruhan kana kualitas ngaregepkeun. Contona, wartawan, mahasiswa, jeung saterusna, pantes upama merlukeun tingkat kualitas ngaregepkeun anu leuwih luhur lantaran pangjurung pagawean atawa tugasna.

2.5  Panta - Panta Ngaregepkeun
Faktor - faktor anu mangaruhan ngaregepkeun teh loba pisan. Ku kituna, kualitasna oge tangtu rupa - rupa. Di handap ieu baris diwincik panta -panta ngaregepkeun, nyaeta : 1) ngan ukur ngadenge sora, kecap - kecap kalimah wungkul; 2) pegat - pegat, pikiran mindeng kaselang ku nu lian; 3) nu diregepkeun teh dijojoan, sakur anu sakirana bakal dirina; 4) ngaregepkeun bari pasif, teu pati atawa samasakali teu tembong rasa kahudang; 5) kurang imeut, rea bagian penting anu teu katangkep, saregepna teh ukur lebah bagian - bagian anu geus wanoh sarta cohag jeung dirina; 6) saregep, bari ngabanding - banding jeung hal - hal anu aya patalina, tina pangalaman sorangan; 7) saregep, bari merenahkeun babaran carita, mana anu poko, mana anu sipatna pertelaan; 8) saregep, bari kritis, panasaran ku bukti - bukti. 

2.6  Padika Ngaronjatkeun Kualitas Ngaregepkeun
Aya sababaraha perkara anu mangrupa padika ngaronjatkeun kualitas ngaregepkeun di antarana : 1) daek mekarkeun karep jeung pangaresep ngaregepkeun; 2) tingkatkeun kabiasaan ngabandungan kalawan saregep; 3)   tumplekkeun perhatian sagemblengna; 4) ulah waka ngaevaluasi; 5) tengetan kumaha gagasan - gagasanana jeung naon eusina; 6) mangpaatkeun mikir nu gancang; 7)   gunakeun lolongkrang waktu. 

2.7  Warna - Warna Ngaregepkeun
Ngaregepkeun dibagi dua, nyaeta :
a.       Ngaregepkeun Ekstensif — (hiji proses ngaregepkeun anu teu dirarancang)
b.      Ngaregepkeun Intensif (Hiji proses ngaregepkeun anu geus dirarancang) 
Ngaregepkeun ekstensif dibagi deui jadi :
1)      Sosial (lumangsung di sabudeureunana)
2)      Sekunder (lumangsung di kulawarga)
3)      Estetik (aya patalina jeung rasa endah)
4)      Pasif (bari acuh; diacuhkeun)
Ari ngaregepkeun intensif dibagi deui jadi :
1)      Kritis (pikeun nimbulkeun reaksi) 
2)      Eksploratif (pikeun ngagali nepi kamana proses kajadian anu diregepkeun teh)
3)      Interogatif (pikeun nanyakeun deui)
4)      Selektif (pikeun milih)
5)      Kreatif (pikeun nimbulkeun kahayang/ kreatif)
6)      Konsentratif (pikeun nimbulkeun kadariaan) 

Lamun dibagankeun, warna - warna ngaregepkeun teh saperti kieu. 
Sosial (lumangsung di sabudeureunana)    
 
Ekstensif 
Pasif (bari acuh;  diacuhkeun)    
Estetik (patalina jeung rasa endah)   
Sekunder (luamngsung di kulawarga)   
Intensif
Selektif (pikeun milih)    
Interogatif (pikeun nanyakeun deui)    
Eksploratif (ngagali nepi kamana)     
Kritis (pikeun nimbulkeun reaksi)  
Ngaregepkeun 
Konsentratif (nimbuken kadariaan)  

Kreatif (pikeun nimbulkeun kahayang)    
 
2.8  Aspek Ngaregepkeun
Aspek nuu kudu dicangking tina Ngaregepkeun aya sababaraha hiji nyaeta :
a.       Jejer /topik nu dicaritakeun
b.      Ngajawab pananya 5 W + 1 H nyaeta naon, saha, iraha, di mana, naha, kumaha.
c.       Nyaritakeun hal nu diregepkeun, kalawan maké padoman 5W+1H

2.9  Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola Dasar
Upama dititenan, pangajaran ngaregepkeun teh geus kudu dibikeun ti kelas hiji keneh. Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (2007) disebutkeun yen Standar Kompetensi (SK) jeung Kompetensi Dasar (KD) pembelajaran ngaregepkeun di Sakola Dasar saperti kieu :      
Kelas
Standar Kompetensi
Kompetensi Dasar
1
1.1 Mampu memahamin dan menanggapi bunyi bahasa (sora basa), perintah (parentah) sederhana, perbuatan, dan dongeng yang dilisankan.
1.1.1 Membedakan bunyi bahasa Sunda 1.1.2 Melakukan perintah sederhana 1.1.3 Menanggapi dengan perbuatan 1.1.4 Memahami isi dongeng
2
2.1 Mampu memahami dan menanggapi wacana lisan dengan menyimak tata tertib, penjelasan, dongeng, dan kakawihan.
2.1.1 Menyimak tatacara atau tata tertib       belajar
2.1.2 Menyimak penjelasan tentang cara hidup sehat
2.1.3 Menyimak dongeng
2.1.4 Menyimak kakawihan 
3
3.1 Mampu memahami dan menanggapi wacana lisan melalui menyimak bahasan, dongeng fabel, dan kakawihan.
3.1.1 Menyimak bahasan tentang kesehatan dan makanan
3.1.2 Menyimak bahasan tentang kebersihan dan pakaian
3.1.3 Menyimak dongeng fabel (dongeng sato)
3.1.4 Menyimak kakawihan
4
4.1 Mampu memahami dan menanggapi wacana lisan melalui menyimak pengumuman (bewara), dongeng, dan guguritan.
4.1.1 Menyimak pengumuman
4.1.2 Menyimak dongeng
4.1.3 Menyimak guguritan
5
5.1 Mampu memahami dan menanggapi wacana lisan melalui menyimak penjelasan, pesan, dan dongeng.
5.1.1 Menyimak penjelasan dari nara sumber
5.1.2 Menyimak pesan lewat tatap muka atau telepon
5.1.3 Menyimak dongeng
6
6.1 Mampu memahami dan menanggapi wacana lisan melalui menyimak nasihat, berita radio/televisi, dan dongeng.
6.1.1 Menyimak nasihat
6.1.2 Menyimak berita radio/TV
6.1.3 Menyimak dongeng  



BAB III
PANUTUP

3.1  Simpulan
Ngaregepkeun ngandung harti ngabandungan enya - enya. Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun informasi anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.   
Upama dipasing - pasing mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh bisa digolongkeun jadi opat rupa, nyaeta : 1) meunangkeun informasi nu aya patalina jeung pancen atawa pagawean; 2) leuwih efektif dina hubungan papada jalma; 3) ngumpulkeun  data sangkan bisa nyieun kaputusan anu sahade - hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu kadenge. 

3.2  Saran
1.      Mahasiswa supados sing lewih getol diajarna, terutami kana basa Sunda anu mangrupakeun kebudayaan has Jawa Barat
2.      Mahasiswa anu bade janten guru supados ngamumulekeun kana elmu warisan ti karuhun urang sadayana terutama basa Sunda supados dimasa depan basa Sunda tiasa ditangan generasi muda anu kreatif sareung tiasa ngabanggakeun ka daerah asalna nyaeta Jawa Barat dikancah dunia ku basa Sunda.

DAFTAR PUSTAKA

Nurjanah, Nunuy. Mekarkeun Pangajaran Kaparigelan Ngagunakeun Basa. Pangandaran : 2009